Angkot Teu di Bandung
teu diTasik, teu di Garut
boa ketang di Batam
mah beda…. eta
kalakuan kenek angkot
dimana wae lamun
jojorowokan
nawarkeun jurusan
angkotna atawa
nanyakeun nu erek
turun atawa eureun ka
panumpang
sakapeungmah matak
piambeukeun,
pikabingungeun anu
kakara tapi lamun geus
apal mah sok hayang
seuri, geura
reungeukeun :di
Bandung : “Gede…..
Panjang……
Gede…..Panjang……!!”
Kade…lain keur promosi
obat taeun nu ayeuna
keur meuweuh atawa
promosi sabangsa ma
erot, tapi nawarkeun
rute angkot jurusan
Gedebage Leuwi
panjang….!
“Aceh……
Merdeka……
Aceh…….Merdeka……!!”
jojorowokan sataker
kebek najan hareupeun
tangtara atawa pulisi
oge moal nepi ka di
tewek da di Bandung
mah geus arapaleun
lamun kenek eta
nawarkeun angkot
jurusan Cicaheum Kebon
kalapa ngan rutena
ngaliwatan jalan
merdeka jeung jalan
aceh
“Binatang…..ada
turun…..? ibu……
bapa…..binatang……!”
tong waka ambek
disebut kitu teh, si kenek
nanyakeun bisi aya nu
turun di kebon binatang
di jalan taman sari anu
kaliwatan ku angkot
Eta di Tasik mah kieu
jorowok na teh
“sila…….sila…..hiji
deui…!!” lamun seug
ninggang ka jalma nu
anyar ulin ka Tasik mah
bakal ho’okeun
ngadeng jorowok kenek
anu ngagantung na
lawang panto, rek teu
kitu kumaha
atuh….sakitu katingali
metetna bet anu dijero
oge diaradu tu’ur ari
jojorowokan sila……
sila…hiji deui…….?
padahal manehna teh
nawarkeun jurusan ka
pancasila
Ari di Garut mah karunya
ka anu ngarana DANA,
kade nya bisi aya baraya
anu ngarana dana tong
waka ambek jeung
kasigeung lamun
ngadenge jorowok
kenek angkot “DANA
EGANG….DANA
EGANG……….” eta teh
lain moyokan dana
pedah leumpangna
egang tapi nawarkeun
angkot jurusan
Sukadana-Sukaregang.
Naek angkot di Bandung
deui: Jorowok kenek
ngajorowok…..Supratman…
jrut turun panumpang
lalaki tengah tuwuh.
Jorowok deui…. Raja
mantri….jrut Mang
Jamal turun.
Rengganis… jrut Neng
Nia turun, Teuku Umar…
jrut lalaki turun… Na ari
celengkeung teh urang
Batak ngajorowok…
“aku Rajagukguk tak
dipanggil-panggil jadi bila
awak turun bah !”
Jumat, 10 Desember 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Sebuah Kebenaran Kecil
Sebuah KEBENARAN KECIL Apa yang membuat hidup sobat semua menjadi 100% jika alfabet di beri sebuah nilai mulai dengan huruf a=1, b=2, ...
-
UNTUK YG SUNDA: TUH DA NYA..PAN GEUS DIBEJAAN KU URANG TONG ABUS...NAAA ARI MANEHH..(HEUREUY) KALO MALES BACA MENDING GA USAH KOMEN, CLOSE...
-
Na naon atuh salah uing téh? Kurang naon atuh uing téh? Yeuh, uing gé embung ari hirup ngan saukur ngimpi mah. Da kabéh manusa gé boga cita-...
-
Senam lantai Biasanya merupakan nomor pertama dalam pertandingan atas pertimbangan kesempatan bagi para pesenam untuk juga berlaku sebagai p...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar
Silahkan Komentar