Kamis, 05 Mei 2011

TEUING LAH. PARARUSING....

Na naon atuh salah uing téh? Kurang naon atuh uing téh? Yeuh, uing gé embung ari hirup ngan saukur ngimpi mah. Da kabéh manusa gé boga cita-cita anu hayang diréalisasikeun.

Uing sadar, sigana mah baheula saméméh datang ka dieu, uing teu mikir heula. Akhirna uing jadi kaduhung. Heueuh lah uing mah teu kréatif. Rumasa teu bisa gawé. Tapi inget, sanajan ceuk aranjeun uing "ngimpi", tapi uing gé kungsi nyieun hiji kasuksésan. Sanajan kasuksésan éta meureun ceuk aranjeun mah euweuh nanaonan. Tai kuku. Tapi naha SIA kabéh teu neuleu?

Sok pikiran ku sia kabéh goblog! Dimana aya hiji budak anu ditambélarkeun ku kolotna, tapi manéhna suksés, bérés sakolana najan ngan saukur SMA.

Maklum, élmu uing mah handap. Rumasa jelema bodo. Wajar wéh atuh. Da uing mah lain sarjana. Leuheung sarjana, mun ngawangkong (ngarahul nu pantes) asa mantes. Ari aing? Paling gé diléléwé.

Dah jangar lah. Kunaon jelema téh ka aing loba nu cangcaya? Yeuh méh nyaraho nya. Aing mah mun dipicangcaya sok hésé deui bangkit. Uing jadi haroréam. Lantaran kacangcayaan maranéh ka uing.

Tapi keun baé lah. Da Gusti Allah mah Maha Uninga. Deuleukeun wéh. Saha nu unggul. Hirup lir ibarat tangga nu aya tingkatanna. Uing rék usaha ku élmu nu uing boga.

Ngan omat. Ulah sok cangcaya ka saha waé. Keun lah ari ka uing mah. Da enggeus.

Ayeuna mah urus wé masing-masing. Da geus boga porsi ieu.

Suatu saat aing kudu jadi jelema. Aing embung diléléwé ku sasaha. Du'akeun wé ku saréréa nya. Da uing gé moal poho.

DEULEUKEUN KU MATA! ULAH MEUNGPEUN.

Riau, 05 Mei 2011

Sebuah Kebenaran Kecil

Sebuah KEBENARAN KECIL Apa yang membuat hidup sobat semua menjadi 100% jika alfabet di beri sebuah nilai mulai dengan huruf a=1, b=2, ...