Senin, 16 Mei 2011

Beginilah

Anéh pisan lah. Mun urang ayeuna kalahka sibuk wé mikiran batur. Ai diri sorangan diantep.

Lain, heueuh déwék mah ngan hayang curhat wungkul. Naha nya déwék mah sok aya rasa iri waé ka batur téh? Sok jadi anéh sorangan. Kadang déwék sok nalangsa lamun seug inget mangsa déwék keur leutik.

Uyuhan atuh déwék mah. Tileuleutik geus ditinggalkeun pipisahan ku kolot. Ari kolot déwék deui, teuing naon maksudna kalahka pipisahan. Déwék sadar. Éta kabéh téh geus papastén ti Gusti. Tapi déwék sok nalangsa. Sok ceurik haté mun ras inget kahirupan déwék.

Ayeuna déwék geus sawawa. Tapi déwék can pernah kitu ngarasakeun kanyaah sakumaha kanyaah kolot ka budak. Na kolot déwék embung ngurus?

Déwék nyoba usaha kaditu-kadieu. Sangkan hirup leuwih maju. Tapi euy, ka déwék téh sok loba nu ngagampangkeun.

Akhirna déwék nyobaan ngumbara. Déwék ayeuna gawé di lembur batur. Sanajan milu jeung dulur ogé, angger wé sok hayang balik waé. Teuinglah. Déwék geus aral. Aral pokona mah.

Geus ah. Déwék rék saré heula. Isuk arék manén.
Wassalam.

Sebuah Kebenaran Kecil

Sebuah KEBENARAN KECIL Apa yang membuat hidup sobat semua menjadi 100% jika alfabet di beri sebuah nilai mulai dengan huruf a=1, b=2, ...