Senin, 16 April 2012

Naon we hayang nyaho wae

   Teu karasa nya. padahal asa karek kamari kuring asup gawe di di ieu tempat. Ayeuna geus tereh sataun deui. Begitu banyak suka duka yang sudah dilalui bersama babaturan yang senantiasa babarengan.
Lain. jadi inget basa mimiti asup gawe kadieu. padahal kuring gawe didieu teh lain sakaba2 nyiar artos kengge tuang. Tapi kuring ngabogaan hiji misi anu kacida pentingna. Tapi naha atuh dugi ka kiwari tacan wae meunang mad'u nu tetep.
   Padahal mah mun dipikir-pikir, loba waktu keur dakwah mah. Ngan teuing setan naon atuh nu asup kana raga kuring nepi ka poho jeung hoream. Padahal mah bisa bari nyalse oge. Da mineng nyalse mah. Atuh hese2 oge bisa meureun mun geus beres gawean. Biasana sok aya waktu keur ngobrol. Naha atuh lain dibalieurken wae kana tujuan dakwah atuh nya???
  Sumpah. kuring hayang siga batur. Mad'u numpuk. Prospek ngeunaheun. Ikhwan loba. Ngan naha kuring kalahka ngajauhan kana eta misi. Tapi kuring didieu ge embung cicing. Hayang aya nu nyangsang hiji mah. Minimal ngarti kana maksud kuring ngobrolan baturan nu jadi target.
  Tapi alhamdulillah kuring nambahan babaturan deui ayeuna. Kuring ayeuna bisa kuliah. Alhamdulillah ya. Sesuatu banget. Sugan we di kampus, baturan oge aya nu nyangsang.
  Eh enya, sakali deui alhamdulillah. Kuring ayeuna bisa kuliah. Dimimitian ku nawaitu. Sugan we ridho Gusti marengan dina sagala laku lampah kuring. Kuring hayang ngabuktikeun. yen kuring oge bisa sukses ku kesang kuring sorangan. kan kuring geus jangji ka diri kuring. Kuring embung jadi benalu keur batur. Kuring hayang ngasaan sukses meunang hese payah kuring sorangan.
  Semoga sajah Ya Allah. niat jeung lengkah kuring di alam dunya ieu, senantiasa dalam bimbingan-MU Ya Allah.

Amiin.

Sebuah Kebenaran Kecil

Sebuah KEBENARAN KECIL Apa yang membuat hidup sobat semua menjadi 100% jika alfabet di beri sebuah nilai mulai dengan huruf a=1, b=2, ...